visitors

Kamis, 16 Januari 2014

7 Celetukan Bodor Sunda Sadidinten

| Tah ieu 7 celetukan anu tiasa janten bodor atanapi tiasa janten oge garing dina cariosan sadidinten sareng rerencangan nu sami-sami urang Sunda (atanapi sanes urang Sunda, namung tiasa sareng ngartos basa Sunda) anu kantos kaalaman Versi Pribados,
1. Emang: Din, meni katinggal leuleus kitu. Nuju shaum?
Udin: Muhun, Mang.
Emang: Naha shaum naon ari poe Rebo kieu? Tengah sasih Hijriyah oge sanes~
Udin: Shaum-pami aya tuangeun diemam, shaum-pami teu aya mah tos weh calik, hehe.

2. Udin: Mang, bade kamana meni rapih kitu, bade ngajar nya? Ngajar saha?
Emang: Muhun, Din bade ngajar. Ngajar-redog sareng ngajar-rentul, hehe.

3. Emang: Din, sae kitu suantenna, saeutik. Bakat nya? Lebar ari bakat dianggo ngamen mah.
Udin: Nuhun, Mang. Justru ngamen teh gara-gara bakat, bakat ku butuh tah...

4. Udin: Mang, ti payun nya bade uih heula.
Emang: Naha Udin teh meni enggal-enggal jig atuh...

5. Emang: Bade kamana atuh, Din meni gurungrusuh kitu? Yeuh, candak kuehna kanggo si Mamah.
Udin: Wios weh teu kedah, Mang.
Emang: Make jeung teu kedah sagala, kawas jeung saha wae atuh...
Udin: Muhun maksad teh teu kedah sakeudik atuh, Mang. Teras pami aya katuangan nu sanesna salian ti kueh oge wios da.
Emang: Wios huntu maneh sagede pedes...!

6. Udin: Aduh punten, Mang kalangkungan...
Emang: Mangga dihapunten, asal tong sakali-kali deui...

7. Emang: Din, pangmeserkeun lotek atuh nya ieu Emang, Si Bibi sakulawargi nuju hoyong tuang. Udin ge hoyong kan?
Udin: Kantenan atuh, Mang. Sok naon wae atuh?
Emang: Meserna genep, eh tujuh bungkus ketang sareng nu Udin janten dalapan nya. Anu emang dua bungkus, hiji lotek atah hiji lotek asak. Cing lada pisan. Tandaan make karet atawa disoekeun kertasna meh teu pahili. Anu si Bibi mah cenah lotek asak tapi teu nganggo kacang panjang da teu resep cenah. Cengekna hiji weh keur mules cenah, cikurna tong loba teuing.
Udin: ... atos, Mang.
Emang: Engke heula atuh, ieu anu si Nini lotek asak, anu si aki lotek atah. Nu si Nini kacangna saeutik, nu si Aki mah lobaan cenah. Duanana tong diladaan. Tah, teras kanggo si Eneng jeung si Ujang mah lotek asak cenah tapi make lontong jeung tong lada. Oh, enya tong loba teuing bawang bodasna cenah terus naon deui nya? Hmm, enya nu Ujang tong make waluh cenah rada teu resep. Tos weh sakitu, tong hilap meser kurupukna opat toros anu seceng. Pami lotek kanggo Udin mah bebas weh terserah Udin.
Udin: Ah, kajeun teu jadi pangmeserkeun kitu carana mah najan menang lotek haratis oge. Lieur, Mang ah. Ku Emang ah meserna Udin weh mihape.
Emang: Na ari si Udin make lieur sagala meuli lotek oge. Teu ngarti~

| Punten, nami-nami anu di luhur mung saukur bobodoan atanapi samaran. Hapunten anu kasuhun pami aya nu sami namina.
#rebonyunda

-Kido :)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Write your green words, please :D