visitors

Rabu, 08 Januari 2014

Bandung Juara, Bandung Katresna

| Tah ieu 7 lalanian kanggo sewang-sewang dinten (poe) dina saminggon anu diusahakeun lumangsung dina kahirupan pribados oge dina raraga ngarojong tetekon ti pamarentah kota Bandung anu balukarna tiasa mikasae kahirupan urang sadaya ka payunna (dipareasikeun sareng) Versi Pribados #sebutanhari

1. Senen Haratis: maksadna dina dinten Senen teh haratis pami naek bes DAMRI kanggo para siswa/i anu mibade ngalap elmu ka sakola. Urang sami-sami rojong pamakean kandaraan umum kayaning bes DAMRI, jsb. dina raraga ngurangan polusi hawa. #seningratis

2. Salasa tanpa haseup roko: maksadna dina dinten Salasa teh urang sami-sami kirangan dina nyeuseup roko, sanes saukur dina raraga ngirangan polusi hawa oge dina raraga ngirangan cukang lantaran panyawat saluran pernapasan nu nyeuseup aktif oge nu pasif. #selasatanparokok

3. Rebo nyunda: maksadna dina dinten Rebo teh minangka urang Bandung, hayu urang sami-sami nganggo basa tatar parahyangan urang sadaya nyatana Basa Sunda. Diusahakeun, kanggo anu teu acan lancar mah bari diajar. Anu tos tiasa ngajarkeun kanu sanesna, pangna mah ka urang luar Bandung sangkan tiasa, eta langkung sae. Teu saukur kitu, dina raraga ngarojong lestarina budaya Sunda oge dipapatahkeun (henteu maksa) kanggo ngange iket Sunda kanggo pameuget upami tiasa sareng pangsina, karembong kanggo istri oge sareng kabayana upami tiasa.  #rabuberbahasasunda #iketsunda

4. Kemis Inggeris: maksadna dipapatahkeun kangge wargi Bandung sadayana nyarios basa Inggeris dina dinten Kemis. Tos sae basa Indonesiana, oge basa Sunda (salaku basa indung), oge langkung sae lancar dina cumarios basa asing, pangna basa inggeris minangka basa internasional janten urang tiasa cumarios, borobrol sareng urang asing anu dongkap ka Bandung, oge pami urang angkat-angkatan ka luar nagari. #kamisinggris

5. Jumaah agamis: tah anu ieu mah versi pribados minangka jalmi muslim. Jumaah teh dintenan suci, rajana sadaya dinten. Dintenan beberesih diri, dintenan anu dipersiapkeun bersih sawaragad badan kanggo mayunan sholat Jumat (Jumatan) khususna pameugeut. Oge dintenan kanggo ngalakukeun amal sae ka saha bae, tapi sanes hartosna dinten nu sanesna janten teu kedah beramal sae nya, ieu mah dispesialkeunnana ngenaan sunnah ti Rasulullah Saw. minangka parentah Gusti Allah SWT. #jumatmubarok

Upami pa Ridwan Kamil mah mapatahan kanggo nganggo sapedah nalika bade angkat-angkatan dina dinten jumaah, janten weh disebatna #jumatbersepeda. Eta oge sae tangtuna, silih ngalengkepan.

6. Saptu cinta produk lokal: maksadna diusahakeun dina ieu dinten teh kanggo balanja produk-produk lokal, nganggo barang-barang anu tangtuna emang diproduksi di nagara anu katresna urang sadaya, Indonesia. Oge ieu teh dina raraga ngarojong kamajuan ekonomi lokal tur potensi-potensi anu aya di taneuh urang sadaya kanggo diwanohkeun tur disanggakeun ka dunia internasional yen produk urang oge teu kawon kualitasna. #sabtucintaproduklokal

7. Minggon (Ahad) dintenan pere kandaraan bermotor (Car Free Day): khususna sapanjang Jalan Dago (Ir. H. Djuanda) ti kawit Pengkolan Dayang Sumbi dugi parapatan Cikapayang (Taman D.A.G.O.) sinareng Sapanjang Jalan Merdeka ti kawit Parapatan Jalan Riau (RE. Martadinata) dugi ka Balai Kota, teu kenging aya kandaraan bermotor ngalangkung ti tabuh genep dugi tabuh sapuluh enjing-enjing (06.00-10.00 WIB). Eta jalan teh dianggo jalan sehat, lari, sasapedahan, nu maen musik, sareng sagala rupa anu ngarojong kana daya kreativitas, kasehatan, budaya, sosialisasi, jsb. warga Bandung. #minggubebaskendaraanbermotor #carfreeday

Salianti eta, minggon teh kanggo simkuring mah sae pisan kanggo dijantenkeun dintenan khusus kanggo sewang-sewang kulawargi dina nyeepkeun sagala aktivitas sasarengan pinuh ku kabagjaan anu dipareasikeun kunguatkeun silaturahim antarasasama warga Bandung, pangna sobat, rerencangan, jsb. #minggukhususkeluarga #minggusilaturahmi

"Bandung Juara! Bandung Katresna!"

-Kido 'Urang Bandung Asli' :)