visitors

Rabu, 25 September 2013

Dirgahayu Bandung 'Parijs van Java' Kota Kembang


Wilujeng milangkala anu ka 203 taun (25 September 1810 - 25 September 2013) kanggo Bandung katresna. Mugiya langkung sae kapayunna, bagea balarea wargi Bandung sadaya-daya.

Allah sing salawasna maparin kabarokahan tina sagala kabeungharan nu sakitu ayana di taneuh Parahyangan ieu. Tur ngaraksa pamingpin urang sadaya tina paripolah tur babasa anu teu mihak kana kahadean Bandung sadaya.

Oge mangga urang sami-sami milaku lampah sasae-saena, sabisa-bisa pasti bisa ngawangun kabageaan salarea, sanghareupan sagala rupi kabanggaan anu pakuraweut tur pasiksak di sabudeureun urang sadaya ku silih asah, silih asih, tur silih asuh. Kanggo saha deui salian ti kanggo urang sadayana, kanggo Bandung Juara! Bandung BERMARTABAT (Bersih, Makmur, Taat, & Bersahabat). Bandung anu berseka.

Bandung 'Parijs van Java' kota kembang anu urang sadaya.
Gemah ripah, repeh, rapih loh jinawi.

-Kido :)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Write your green words, please :D